UA-85119234-1

Entri yang Terpopuler

ARTIKEL TENTANG TOOL ICON PADA COREL DRAW | YM BLOG

Pengertian Microsoft CorelDRAW             CorelDRAW adalah aplikasi design grafis yang digunakan untuk membuat berbagai macam desig...

Monday, October 3, 2016

Kaulinan Barudak Baheula anjang anjangan



Kaulinan Barudak Baheula
Mangrupa-rupa kaulinan barudak baheula hususna di tatar sunda, nu kungsi karandapan jeung katungkulan ku diri pribadi baheula keur leutik keneh numana kaulinan nu ieu hususna di lembur pribadi kalolobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna, ngan sakumaha nu kauninga ku urang sadayana, dina kaulinan sunda mah, kawilang kumplit malihanan katelah cawokahna, nu matak urang sunda mah teu weleh heureuy jeung heureuy, jeung tara asa-asa, malahan batur heureuy sorangan nepikeun ka leweh/ceurik alatan ku eta pangheureuyan. samodel lagu ngocok sangkang leweh (cok leweh), kareta api buatan jepang, ayang-ayang gung, oray-orayan,,, jeung rea-rea deui. ngan eta kaulinan biasana di hiji wewengkon jeung wewengkon nu lianna sok aya nu beda, boh dina ngamaenkeunana boh dina eusina, ngan ngaranna mah sok sarua. ieu seratan mangrupakeun bubuka atuh sim kuring pribadi sateuacana neda panghapuntena boh kapayuna bilih aya hiji bahasan perkawis ieu kaulinan anu kawilang cawokah, taya sanes hal eta dimana ku sim kuring dipintonkeun kapayunna, nyatana pikeun nginget-nginget sangkan teu pareum ieu kaulinan teh hususna di tatar sunda. da gening barudak kiwari mah pangulinannana teh teu jauh jeung anu modern, malahan geus teu aheng deui maranehna sapopoena ulinna di hareupeun monitor atawa tipi, samodel game online, ps, lalajo VCD atawa DVD, jeung rea-rea deui,,, Harita pernah kadatangan ku budak SMP Kelas 3, meunang tugas ti guruna, kudu nyebutkeun tur kudu bisa nyaritakeun kaulinan barudak kudu aya 15 rupa contona, puguh haying seuri dina eusina teh : Playstation, Nintendo, jeung sajabana kaulinan budak jaman ayeuna, nu baheula mah geus kapopohokeun, …… Mangrupa-rupa kaulinan barudak baheula hususna di wewengkon sunda, nu kungsi karandapan jeung katungkulan ku diri pribade baheula keur leutik keneh numana kaulinan nu ieu hususna di lembur pribadi kalolobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna, diantarana :
1.       anjang-anjangan
kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak,
tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi
saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa
2.      bébénténgan
kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga
bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
3. béklen
kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di
jero imah atawa téras.
4. boy-boyan
kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog
5. talawéngkar
nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus
malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus
nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
6. congklak
kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
7. cacaburangé
kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh
barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh,
gantian jadi ucing.
8. cingciripit kaulinan bari kakawihan.
9. damdaman
kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu
béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
10. endog-endogan
kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup
nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
11. empét-empétan
kaulinan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
12. éncrak
kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
13. éngklé
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa
batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana
batu séjén anu ditangtungkeun
14. galah asin
kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang
lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku
nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
15. gatrik
kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan
diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
16. gugunungan
kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh
ngebul.
17. hahayaman
kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi
careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa
lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
18. jajangkungan
kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
19. luncat tali
kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik
diluhurkeun.
20. oray-orayan
kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju
siga oray luar-léor.
21. paciwit-ciwit lutung
kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah
kawih
22. pérépét jéngkol
kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus
puputeran teu meunang leupas.
23. pelak cau
kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji
nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
24. sérmen
kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina
awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang
musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
25. sondah
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya
kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
26. sorodot gaplok
ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang
terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
27. ucing-ucingan
kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu
jadi ucing.
28. ucing sumput
kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing
ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana.
Aya rupa-rupa aturan.

 

semoga bermanfaat & thanks atas kunjungannya !!

No comments:

Post a Comment

welcome !!!