Sifatan
Jalma-Jalma Taqwa
السلام عليكم
………. الخ
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus
ieu
Ari sadaya
puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos mafarin taufek kaurang sadaya
piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah, sareng merenahkeun ka
urang sadaya kana tata cara usaha anu pangsampurna-sampurna kabagjaan. Sim abdi
nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti
Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus
pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng sim abdi nyaksian kana
yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu
dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah
maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna
kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sareng pirang-pirang saat.
Saparantosna
ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban
anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin
sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana
kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia
sareng akherat.
Tina sapalih
ajaran taqwa Allah swt nguningakeun sabagian sifat-sifat jalmi takwa anu
kaunggel dina surat ad-dariyat ayat 15-19.
Hartosna :
saestuna jalma2 taqwa eta aya dina pirang2 patamanan surga sareng pirang2
sumber cai. Bari maranehna nyokot kani’matan anu dipaparinkeun ku pangerana,
saenyana maranehna dina samemeh eta nyaeta dialam dunia kaasup jalma-jalma anu
nyieun kahadean. nyaeta nyaetikeun kana sare dina waktu peuting, sareng dina
waktu tungtung peting maranehna menta pangampura sareng dina harta-hartana aya
hak jalma miskin anu menta sareng jalma miskin anu teu menang bagian.
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ari Jalma2
taqwa dina poe kiamah bakal nempatan taman-taman surga sareng pirang2 mata air,
kumaha kaayanana :
آخِذِيْنَ
مَاآتاهُمْ رَبُّهُمْ اى مِنَ النَّعِيْمِ وَالسُّرُوْرِ والْغِبْطَةِ
Jalma taqwa
kenging anugrah nempatan taman2 surga sabab maranehna di alam duniana nyaeta
tukang nyieun kahadean, diantara kahadeana :
1.
Nyaetikeun sare dina waktu peting كَانُوْا قَلِيْلاً مِنَ اللَّيْلِ
مَا يَهْجَعُوْنَ
اى كانوا ينامون قليلا من الليل
ويصلون اكثَره اِنَّ رسولَ الله قال اِن فى الجنة غُرَفًا يُرَى ظَاهِرُهَا مِن
بَاطِنِهَا وَبَاطِنُهَا من ظَاهِرِهَا فقال ابو موسى الأشعرى رضى الله عنه لمَنْ
هى يارسُولَ اللهِ ؟ قال لمن ألانَ الكلاَمَ واطعم الطعام وبات لله قائما والناس
نيام
2.
Istigfar /menta pangampura dina waktu janari وَبِاْلأَسْحَارِ هُمْ
يَسْتَغْفِرُوْنَ
اى يصلون
بالأسحار لطلب المغفرة قَال النبى : ان اللهَ يَنزِلُ كُلَّ ليلةٍ الى السماء
الدُّنْيَا حتى يَبْقَى ثُلُثُ الليل الأخير فيقول هل من تائب فاتوبَ عليه هل من
مستغفرٍ فَاغفِرَ له هل من سائل فيُعْطى سُؤْلُهُ ؟ حتى يطلُعَ الفجر
3.
Mikeun hak hartana pikeun jalma miskin وَفِى اَمْوَالِهِمْ حَقٌّ
لِلسَّائِلِ وَالْمَحْرُوْمِ
السائل :قال
الامام احمد: هو الذى يبتدئ بالسؤال وله حق. قال النبى للسائل حق وان جاء على فرس
المحروم
: قال ابن جرير : هُوَ الذى لاَمال له بأى سبب كان وقد ذهب ماله سواء كان
لايقدر على الكسب او قد هلك ماله بآفة او نحوِها
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan
khutbah awal ieu, mudah-mudahan, urang sadayana kalebet golongan jalmi-jalmi
anu taqwa ka Allah swt. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.